Senin, 21 Juni 2021

(Nadoman Basa Sunda) Kunaon nu geulis teu daèk ibadah?


Foto:okezone.com


Kunaon nu geulis teu daèk ibadah? 2x

Siti Maryam ogè geulis-geulis sok ibadah 2x


Kunaon nu kasep teu daèk ibadah? 2x

Nabi Yusuf ogè kasep-kasep sok ibadah 2x


Kunaon nu beunghar teu daèk ibadah? 2x

Nabi Sulaiman ogè beunghar-beunghar sok ibadah 2x


Kunaon nu miskin teu daèk ibadah? 2x

Nabi Isa ogè miskin-miskin sok ibadah 2x


(Mugia urang sadayana kalebet jalmi ahli ibadah Aamiin Yaa Rabbal 'aalamiin) 

(Nadoman Basa Sunda) 7 golongan kenging lindungan Allah SWT


 Foto: Slideshare.net


Umat Kami dicawiskeun

Di surga tujuh golongan

Kahiji budak nonoman

Getol tobat ka Pangeran


Kadua jalma berehan

Sodaqoh teu ditembongkeun

Katiluna unggal dinten

Solat duha dilanggengkeun


Opat tukang berjama'ah

Sanajan loba kariweuh

Leungit harta henteu susah

Batan tinggal berjama'ah


Ari anu kalimana

Resep ngariung ulama

Ngadangukeun pituturna

Hoyong bagja akheratna


Ari anu kagenepna

Jalma anu tara zinah

Najan loba nu ngagoda

Sieun ku siksa naraka


Ari anu katujuhna

Jalma sok ngocor cimata

Banget sieun ku pangeran

Dosa alit ditobatan


(Mugia urang sadayana kalebet golongan jalmi anu kenging iuh-iuhna Allah SWT, Aamiin Yaa Rabbal 'aalamiin)