![]() |
| Foto: Slideshare.net |
Umat Kami dicawiskeunDi surga tujuh golongan
Kahiji budak nonoman
Getol tobat ka Pangeran
Kadua jalma berehan
Sodaqoh teu ditembongkeun
Katiluna unggal dinten
Solat duha dilanggengkeun
Opat tukang berjama'ah
Sanajan loba kariweuh
Leungit harta henteu susah
Batan tinggal berjama'ah
Ari anu kalimana
Resep ngariung ulama
Ngadangukeun pituturna
Hoyong bagja akheratna
Ari anu kagenepna
Jalma anu tara zinah
Najan loba nu ngagoda
Sieun ku siksa naraka
Ari anu katujuhna
Jalma sok ngocor cimata
Banget sieun ku pangeran
Dosa alit ditobatan
(Mugia urang sadayana kalebet golongan jalmi anu kenging iuh-iuhna Allah SWT, Aamiin Yaa Rabbal 'aalamiin)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar