Selasa, 03 Agustus 2021

(Nadoman Basa Sunda) Dawuh Nabi

*Dawuh Nabi ari dina pakuburan

Èta pasti nalangsa sabab sorangan

*Dawuh Nabi kudu mawa pibatureun

Pikeun batur di kubur tèh èta solat

*Rejeng deui di kubur tèh leuwih poèk

Pikeun damar di kubur tèh maca qur'an

*Rejeng deui di kubur enggon masakot

Anging sugih di kubur ahli ibadah

*Rejeng deui di kubur tèh leuwih susah

Malaikat mariksana ngawewelèh

*Lamun hayang ulah manggih pariksaan

Kudu daèk dzikir keur hirup di dunya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar